Kabagjaan Nu Taya Tedeng Aling-aling

KabagjaanKabagjaan! Kacida bagjana eta kalimat nu pantes kanggo negeskeun tadi sonten nu tos kalangkungan. Teu ngareka-reka sakedik-kedik acan, Alhamdulillah sadayana ngagambarkeun hate nu pinuh kabungah alias kabagjaan dumeh tadi sonten abdi tiasa pendak sareng wargi-wargi boh nu tos kantos patepang anatapi nu leres-leres sateuacanna teu acan patepang.

Abdi sarengrengan tadi ngaraos kacida pisan bingahna kumargi aya hiji wargi kersa breh-brehan dina ngabagi rizkina kanggo buka saum dinten tadi. Sadaya nu kempel tadi tiasa diyakinkeun teu aya sajalmi oge nu ngaraos nyesel komo deu dugikeun ka sumutut tur jamedud mah ku kameumeut atanapi kadeudeuh hiji wargi eta, anjeuna sakedik ge teu gaduh sifat ngepel kana banda, kayungyun pisan keur mah geulis camperenik, jangkung lenjang, ah pokonamah carogena pasti kacida bagjana ngengingkeunnana. Kayungyun, someah, komo mun tos imut ngagelenyu katinggal pisan kasomeahannana.

Eta hajatan buka sasarengan teh di ayakeun di “Roemah nenek” nu aya di daerah Taman Cibeunying. Dina ngawujudkeun eta hajatanana dibantosan ku wargi caket abdi oge nyaeta Maseko. Nya akhirna kawujudkeun alias janten kanyataan tur ngabalareakeun ka sadayana nu dongkap.

Nu aya dina eta hajatan tadi lumayan seueur, diantawisna Kang Amal, Cep Ihwan, Mas Narapandita, Jang Adit, Neng Fathinanjani, Ceu Sireum sareng nusanesna nu teu tiasa disebatkeun hiji2. Mung aya sakedik hanjakalna, abdi rada telat dongkapna ka eta hajatan kumargi mayunan tamu heula nu ahirna teu nyandak alat kanggo pengemut-ngemut mangrupa dokumentasi. Tapi teu sawios da nu lian aya nu nyandak kanggo juprat-jepret mah.

Dina akhir carita, abdi sareng wargi-wargi nu sanesna mung tiasa ngahaturnuhunkeun ka kasomeahan. Teu hilap ngadu’a mugi2 aya kalanggengan laki-rabina, dipanjangkeun yuswana tur di gampilkeun rizkina, Amin.

Nu gaduh hajat sih moal ngaos ieu seratan kumargi teu ngartoseun.

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *