Mimitran Deui

Mimitran teh naonnya heu.. rada emut-emut hilap yeuh, ah sigana mah sami sareng ngamimitian.

Tos opat dinten abdi mondok moek dinu poek heu… pikaserieun pisan ieu lengkah indung suku teh nya, tapi hate mah ngrasa yakin ieu aya faedah nu bakal kasorang dina sagala pangharepan nu di seja, amiin.

Seratan ieu memang sajedik oge teu aya naonya istilahna? maksukna teu aya makna nu di candak didieu mung sakadar ngesi postingan nu tos lami teu di lebetan.

Ngarujuk ka mimitran ieu carita hirup ngalalana mere beja ka balarea, heu.. siga nu sok aya ni ninggal wae nya (ah teu nanaon ambon sorangan wae lah hik…), yen sim kuring ayeuna mayunan kahirupan anyar dina rangka ngalalana keneh. Anyarna eta ngan khusus dina lembur nu di tincak, lain anyar dina nu sanesna. Lengkah ieu pinuh pisan ku pangharepan susugan dina babak ieu mah manggih kawalagrian, amiin. Sakitu carita sim kuring nu kasebatna nuju rungsing pusing tapi masih tiasa keneh nyengir heu.. Cag ah permios.

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *