Kumpulan Pupuh Sunda

Pupuh Sunda
Aya tujuh welas Pupuh Sunda, nyaeta; Asmarandana, Balakbak, Dangdanggula, Durma, Gambuh, Gurisa, Juru Demung, Kinanti, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, Wirangrong, Sinom.

Pupuh Sunda!

Watek : tema
Unggal pada diwangun ku sababaraha padalisan.
Pada : bait/paragraf
Padalisan : baris
Engang : suku kata
Vocal : vocal panungtung kalimat (huruf hidup diakhir baris)

Conto Pupuh Sunda:

  1. Pupuh Sunda Asmarandana

Watek: silih asih, kanyaah/kadeudeuh, atawa mepelingan.
1 pada: 7 padalisan.

Eling eling mangka eling (8 engang – vokal i)
rumingkang di bumi alam (8 – a)
darma wawayangan bae (8 – e)
raga taya pangawasa (8 – a)
lamun kasasar lampah (7 – a)
nafsu nu matak kaduhung (8 – u)
badan anu katempuhan (8 – a)

  1. Pupuh Sunda Balakbak

Watek: pikaseurieun, heureuy atawa banyol.
1 pada: 3 padalisan.

Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame – araheng (15 – e)
Gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna – alagreng (15 – e)
Tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat – garandeng (19 – e)

  1. Pupuh Sunda Dangdanggula

Watek: katengtreman, kawaasan, kaagungan jeung kagumnbiraan.
1 pada: 10 padalisan.

Mega beureum surupna geus burit (10 – i)
Ngalanglayung panas pipikiran (10 – a)
Cikur jangkung jahe koneng (8 – e)
Naha teu palay tepung (7 – u)
Sim abdi mah ngabeunying leutik (9 – i)
Ari ras cimataan (7 – a)
Gedong tengah laut (6 – u)
Ulah kapalang nya bela (8 – a)
Paripaos gunting pameulahan gambir (12 – i)
Kacipta salamina (7 – a)

  1. Pupuh Sunda Durma

Watek: rasa ambek, gede hate atawa sumanget.
1 pada: 7 padalisan.

Moal ngejat sanajan ukur satapak (12 – a)
Geus dipasti ku jangji (7 – i)
Mun tacan laksana (6 – a)
Numpes musuh sarakah (7 – a)
Heunteu niat seja balik (8 – i)
Najan palastra (5 – a)
Mati di medan jurit (7 – i)

  1. Pupuh Sunda Gambuh

Watek: bingung, samar polah atawa tambuh laku, kasedih, kasusah atawa kanyeri.
1 pada: 5 padalisan.

Kaduhung sagede gunung (8 – u)
kuring sakola teu jucung (8 – u)
lalawora resep ulin (8 – i)
hanjakal tara ti heula (8 – a)
ayeuna kari peurihna (8 – a)

  1. Pupuh Sunda Gurisa

Watek: pangangguran, jalma nu ngalamun/ngahuleng atawa malaweung, lulucon atawa tamba kesel.
1 pada: 8 padalisan.

Hayang teuing geura beurang (8 – a)
Geus beurang rek ka Sumedang (8 – a)
Nagih anu boga hutang (8 – a)
Mun meunang rek meuli soang (8 – a)
Tapi najan henteu meunang (8 – a)
Teu rek buru buru mulang (8 – a)
Rek tuluy guguru nembang (8 – a)
Jeung diajar nabeuh gambang (8 – a)

  1. Pupuh Sunda Juru Demung

Watek: kabingung atawa kasusah ku pilakueun.
1 pada: 5 padalisan.

Lolobana mungguh jalma (8 – a)
Embung hina hayang agung (8 – u)
Hayang hirup mukti (6 – i)
Tapina embung tarekah (8 – a)
Tinangtu mo bakal nanjung (8 – u)

  1. Pupuh Sunda Kinanti

Watek: miharep, deudeupeun atawa prihatin.
1 pada: 6 padalisan.

Budak leutik bisa ngapung (8 – u)
Babaku ngapungna peuting (8 – i)
Nguriling kakalayangan (8 – a)
Neangan nu amis-amis (8 – i)
Sarupaning bungbuahan (8 – a)
Naon bae nu kapanggih (8 – i)

  1. Pupuh Sunda Ladrang

Watek: banyol bari nyindiran.
1 pada: 4 padalisan.

Aya hiji anak bangkong leutik (10 – i)
Mokahaan (4 – a)
Maksudna ngelehkeun sapi (8 – i)
Nahan napas antukna bitu beuteungna (12 – a)

  1. Pupuh Sunda Lambang

Watek: banyol nu konyol atawa pikaseurieun.
1 pada: 4 padalisan.

Nawu kubang sisi tegal (8 – a)
Nyair bogo meunang kadal (8 – a)
Atuh teu payu dijual (8 – a)
Rek didahar da teu halal (8 – a)

  1. Pupuh Sunda Magatru

Watek: sedih, handeueul ku pamolah sorangan, mapatahan.
1 pada: 4 padalisan.

Sukuna pakepit tilu (8 – u)
Panonna opat harerang (8 – a)
Leumpangna semu nu lesu (8 – u)
Ngalengkah teu bisa gancang (8 – a)

  1. Pupuh Sunda Maskumambang

Watek: kanalangsaan, sedih bari ngenes hate.
1 pada: 4 padalisan.

Anak manuk dikatepel budak jail (12 – i)
Jangjangna getihan (6 – a)
Rek hiber teu bisa usik (8 – i)
Duh manusa kaniaya (8 – a)

  1. Pupuh Sunda Mijil

Watek: kasedih tapi bari gede harepan.
1 pada: 6 padalisan.

Hey barudak aranjeun taranghi (10 – i)
Tong kadalon-dalon (6 – o)
Mun di imah tong sarare wae (10 – e)
Sare tibra henteu lilir-lilir (10 – i)
Lali kana wanci (6 – i)
Waktu tambuh laku (6 – u)

  1. Pupuh Sunda Pangkur

Watek: nafsu, nyanghareupan tugas nu beurat.
1 pada: 7 padalisan.

Seja miang ka sakola (8 – a)
Rek diajar nambahan elmu pangarti (12 – i)
Pigeusaneun bekel hirup (8 – u)
Sabab mungguhing manusa (8 – a)
Kudu pinter beunghar ku elmu panemu (12 – u)
Komo jaman pangwangunan (8 – a)
Urang kudu singkil bakti (8 – i)

  1. Pupuh Sunda Pucung

Watek: piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.
1 pada: 4 padalisan.

Mangka inget tatakrama sopan santun (12 – u)
Tanda jalma iman (6 – a)
Nyarita jeung amis budi (8 – i)
Da basa mah lain barang anu mahal (12 – a)

  1. Pupuh Sunda Sinom

Watekna gumbira/kagumbiraan, kadeudeuh.
1 pada: 9 padalisan.

Di wetan fajar balebat (8 – a)
Panon poe arek bijil (8 – i)
Sinarna ruhay burahay (8 – a)
Kingkilaban beureum kuning (8 – i)
Campur wungu saeutik (7 – i)
Kaselapan semu biru (8 – u)
Tanda Batara Surya (7 – a)
Bade lumungsur ka bumi (8 – a)
Murub mubyar langit sarwa hurung herang (12 – a)

Tatar Sunda estu endah (8 – a)
Lemah cai awit jadi (8 – i)
Sarakan asal gumelar (8 – a)
Amanat Ilahi Robbi (8 – i)
Titipan nini aki (7 – i)
Wajib dijaga dijungjung (8 – u)
Basa katut budayana (8 – a)
Padumukna luhung budi (8 – i)
Insya-Allah tatar Sunda karta harja (12 – a)

  1. Pupuh Sunda Wirangrong

Watek: kawiwirangan, era ku polah sorangan.
1 pada: 6 padalisan.

Kuring moal deui-deui (8 – i)
Gaduh panata nu awon (8 – o)
Ngabantah nu jadi indung (8 – u)
Sieun dibendon ku Gusti (8 – i)
Kawas Dalem Boncel tea (8 – a)
Doraka ti ibu-rama (8 – a)

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *