Nasib Ujang, Jalma Leutik Nu Asa Kapeuncit

Nasib Ujang!Nasib Ujang! Caritana si Ujang teh ngalalakon alias nyaba ka kota metropolitan. Mung mawa bekel elmu saayana tan harta jeung banda salain ti kajujuran pamolahna.

Hiji wanci nu mustari, satepina di dayeuh eta kajaiban ngadatangan dirina. Si Ujang teu pisan nepi kaluntang-lantung sisi jalan kusabab langsung manggih pagawean nu kacida ngabangjakeunnana. Ti harita Ujang teh soson-soson nyanghareupan eta pagawean nu aya. Continue reading “Nasib Ujang, Jalma Leutik Nu Asa Kapeuncit”

Ngenaan Raraosan Dunya Tereh Kiamat

Raraosan Dunya Tereh KiamatRaraosan Dunya Tereh Kiamat! Kacida bagjana mung urang ayeuna tos kagungan bekel kanggo di akherat, tapi mun sabalikna cilaka jadina. Saparantos maca seratan sunda blog asa teu pararuguh antara raga atawa jasad jeung nyawana sim abdi ieu. Lain pedah ku ngalakukeun nu teu pararuguh oge, mung asana teh masih seueur pisan kakirangan bekel sim abdi kanggo di alam baka nu pastina dipayunan. Continue reading “Ngenaan Raraosan Dunya Tereh Kiamat”

Neraskeun Hanca Kamari

Neraskeun hanca!Neraskeun hanca! Carita Jalan-jalan ka Kakawah Putih! Nu kirang nyenengkeun di daerah eta nyaeta bau belerang nu kanggo sapalih jalmi mah tiasa ngakibatkeun batuk-batuk kusabab ngangseu bauna, bahkan teu tebih ti tempat wisata kawah putih aya guha damelan nu jerona 5 meter teras saurna oge kapungkurna pernah dijantenkeun salaku tambang belerang. Mun kaleresan ngalangkungan eta guha pasti bakalan ngangseu bau belerang nu nyengat pisan, kumargi kandungan belerangna kasebat tinggi, di jaman baheula (kapungkur) sempet diwangun pabrik belerang nu namina Zwavel Ontgining Kawah Putih. Continue reading “Neraskeun Hanca Kamari”