Neraskeun Hanca Kamari

Neraskeun hanca!Neraskeun hanca! Carita Jalan-jalan ka Kakawah Putih! Nu kirang nyenengkeun di daerah eta nyaeta bau belerang nu kanggo sapalih jalmi mah tiasa ngakibatkeun batuk-batuk kusabab ngangseu bauna, bahkan teu tebih ti tempat wisata kawah putih aya guha damelan nu jerona 5 meter teras saurna oge kapungkurna pernah dijantenkeun salaku tambang belerang. Mun kaleresan ngalangkungan eta guha pasti bakalan ngangseu bau belerang nu nyengat pisan, kumargi kandungan belerangna kasebat tinggi, di jaman baheula (kapungkur) sempet diwangun pabrik belerang nu namina Zwavel Ontgining Kawah Putih.

Ayana Kawah putih eta akibat bituna Gunung Patuha nu kajadianna di abad ka 10 – 12. Salain kawah putih oge aya kawah lainna nyaeta Kawah Saat. Diditu aya kios-kios nu ngical rupa-rupa cinderamata nu tiasa dijantenkeun oleh-oleh. Salain eta oge seueur padagang nu ngical buah khas Ciwidey, tos teu bireuk deui yaeta Strawberry tea.
Kacida lebarna mun amengan ka Ciwidey teu sindang ka Kawah Putih, tangtuna bakal ngaliwatkeun tempat nu tiasa nunjukeun nuansa alam nu endah pisan. Biasana dina poe pere atanapi pakanci, diditu bakal ninggal seueurna jalmi nu datang ka tempat wisata eta kanggo ngarasakeun hegarna tempat eta, bakatning sae sareng endahna lokasi eta teh. Kaendahan nu digambarkeun bakal ngajantenkeun emut teras salamina Sapertos sim kuring he…

Carana dugi ka tempat Wisata Kawah Putih nu aya kirang langkung di saluhureun 46 km ti kota Bandung tiasa dijugjug ku nganggo kendaraan pribadi atanapi kendaraan umum. Mun nganggo kendaraan umum ge teu kedah ketir, diditu aya angkutan nu tiasa nganteurkeun dugi ka tempat wisata Kawah Putih. Atanapi oge tiasa konvoi nganggo sapeda motor sareng rerencangan.

Upami kaleresan teu acan kaditu, sok atuh mangga engal-engal geura dongkapan, da eta teh mangrupakeun kakayaan urang salaku urang Tatar Pasundan. Siga abdi sok sering waenya! padahalmah hoyongna mah kitu he….
Cag ah, waktosna tos samporet, bade netepan heula bilih teu kabujeng.

Saduran ti seratan Setahun Sudah Berlalu, Kunjunganku ke Kawah Putih.

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *