Nasib Ujang, Jalma Leutik Nu Asa Kapeuncit

Nasib Ujang!Nasib Ujang! Caritana si Ujang teh ngalalakon alias nyaba ka kota metropolitan. Mung mawa bekel elmu saayana tan harta jeung banda salain ti kajujuran pamolahna.

Hiji wanci nu mustari, satepina di dayeuh eta kajaiban ngadatangan dirina. Si Ujang teu pisan nepi kaluntang-lantung sisi jalan kusabab langsung manggih pagawean nu kacida ngabangjakeunnana. Ti harita Ujang teh soson-soson nyanghareupan eta pagawean nu aya.

Sangeus sabaraha waktu di lakonan, hiji mangsa Ujang teh boga niat hayang boga usaha sorang. Tina ku rikrikna kukumpul modal salila digawe akhirnya jadi kanyataan eta kahayang. Alhasil Ujang teh boga usaha.

Usaha ujang kasebut manggih jalan nu lancar. Tapi kalancaran eta teu kungsi lila manggih panghalang ku ayana sababaraha jalma nu teu tanggung jawab, akibatnya nya kapaksa Ujang teh kudu nanggung resikona. Cek cek cek ….. sakitu badagna eta nu di tipu kanu lian teh. Ujang mung bisa ngerutkekeun tarang da teu walakaya.

Ujang teh sabenerna mah geus nerangkeun sagalana ka nu aya kakaitan jeung usahana, tapi pedah tea mah ujang teh jalma leutik meureunan jadina masih loba nu teu hayang ngarti kana eta kaayaan Si Ujang teh.

Carita si Ujang awalna bet eureun tina usaha manehna aya maksud meh teu loba teuing karieut ku hutang nu terus nambahan, nya paling-paling hutangna sakitu wae anger teu ngagedean mun eureun tina usaha. Keur mayarna paling neangan usaha nu lain.

Mapag carita, hiji wanci aya nu nawaran keur ngabedah eta masalah nyaeta Ujang kudu aya usaha deui. Jalma nu nawaran usaha memang aya pakuat-kaitna jeung usaha Ujang nu tiheula. Mhhh… kacida bagjana Ujang harita. Naon wae nu dititah ku jalama eta dilakonan, ti mimiti neangan tempat jeung sagalanana dilakonan sanajan kudu kukurilingan ngaluarkeun ongkos keur kaditu-kadiena, tapi Ujang tetep sumanget ngajalankeuna padahal sakabehna apal sorangan Ujang teh harita teu boga nanaon pisan alias harta teu boga, banda teu aya. Ngan ukur boga bekel sumanget jadinya but-bet minjem duit kaditu-kadieu keur ngajalankeun eta maksud. Nya teu nanaon lah da ceuk rarasaan mah eta teh bakal aya wujudna alias nyata hasilna.

Nasib Ujang!

“Pucuk di cinta ulam pun tiba” mun ceuk paribasa Indonesia mah, tapi naon keunana eta babasan ka carita Si Ujang. Nu aya malah sabalikna, eta teu aya buktina, waktu geus samporet tapi kanyataan can torojol wae, nu akhirna mung bisa bati gogodeg mukiran kana nasib diri. Maksudna mah usaha eurueun ti nu baheula teh hayang teu nambahan hutang tapi geunangan kakara boga rencana ge, kalahka nambahan terus akibat ku nu rek mere modal ngan ukur sakadar ngaheureuyan. “Kitu geuningnya mun jadi jelema beunghar bari jeung teu ngarti ku kaayaan jalma leutik, kaayaan nu sakieu peurihna ditambah ku kapeurih anyar, jadi jalma leutik tur kapeuncit” ceuk Ujang.

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *