Ngalalana
Akur jeung ngarana "ngalalana" ieu situs teh geus ngalengit teuing kamana. Ngan ngarasa panasaran sanggeus ditalungtik kanyataana dibere pangbeuberat ku nu bogana haha... Cindekna mah aya dua pilihan supaya bisa dipiboga, mun keur situs nu dijadikeun neangan duit mah kudu mayar tapi salian ti eta mah bisa ngajukeun deui bari jeung bebas tina biaya. Tah, tisaprak ngaleungit eta, mung saukur iseng wungkul eusi ieu situs dipindahkeun ka situs nu anyar (padahal mah eusi ieu situs teh taya eusi anu penting) caritana oge mung saukur tambah nganggur wungkul. Kusabab kitu, situs nu tos ngalalana ieu teh disaruakeun ngarana jadi "Naratas". Ieu situsna nu ngagantian situs ngalalana kamari.
Posted by
indra in Friday, August 8th 2008
Carita Jalan-jalan ka Kakawah Putih. Nu kirang nyenengkeun di daerah eta nyaeta bau belerang nu kanggo sapalih jalmi mah tiasa ngakibatkeun batuk-batuk kusabab ngangseu bauna, bahkan teu tebih ti tempat wisata kawah putih aya guha damelan nu jerona 5 meter teras saurna oge kapungkurna pernah dijantenkeun salaku tambang belerang. Mun kaleresan ngalangkungan eta guha pasti [...]
Posted by
indra in Wednesday, August 6th 2008
Salaku urang Bandung nyatana teu tiasa remen amengan ngulilingan tempat-tempat wisata lokal kanggo nyantai ngarinehkeun kacape. Lain ku teu katarik ku hal eta teh, mung aya keneh ganjelan nu teu ngadukung kana perkawis eta tea. Maklumlah pangacara (pangangguran seueur acara) he… Sanaos teu aya kakaitan sareng judul ieu blog, rasana mah cosok oge nampilkeun sakedik [...]
Posted by
indra in Sunday, July 20th 2008
Ngunjukeun rasa nu teu merenah atawa kabagjaan ka nu lian, sakapeung asa berat ngedalkeunnana. Rasa bagja atawa kabungah mun dibeja-beja kanu sejen sieun disangka adigung-adiguna. Tapi lain hal na jeung hate nu teu merenah, boh akibat paningkah deungeun-deungeun atawa paripolah sorangan. Cag ah… tong nyarioskeun masalah hate ka nu lain, mendingan nyaritakeun hal nu aya [...]
Posted by
indra in Tuesday, June 3rd 2008
Nepangkeun sim kuring bade ngiring ngareureuah dunia online ieu, mugi-mugi janten ngaramekeun dunia blog hehe… Kahoyong sim kuring kitu tah. Ongkohna hayang ngaramekeun tapi kunaonnya? Naha bet lebeng keneh kana naon wae ni bisa di lebetkeun dina ieu blog hikhik… Teu aya ka isin ieu mah, untung bari meungpeun heuheu… Tos heula ah ngamimitian nulisna, [...]