Cireumis

Ngagelik Lagu Cireumis!
Masih keneh aya nu nyalangkrung, cireumis kamari.

Nu tembong na pucuk eurih, tapak ibun janari.
Masih keneh aya nu can leungit, asih anu mulih.
Remen kaseuit-seuit, na pucuk ati.

Naha ieu hate, hese rek patebih.
Moal benang rek kasilih, najan aya gagantina.
Lain rek ngabeda-beda, tapi dalah anu ngungkit.
Nu tembong ngan ukur nu indit.
Lami mulih dipundut Yang Widi.
Ukur kari tutunggul, ubar tilam kaeling.
Ukur jajap pangdu’a, mugi aya pangampura gusti.

Cireumis!

Nyeredet hate ngadenge lagu nu lumayan lawas ditepas, inget ka lembur ku teu mulang geus lawas, lain pedah keur teu boga beas atawa luas, tapi sok kasuat-suat tur kagagas, loba kainget ka nu geus “tiwas” tilam dunya tos lawas, ngembeng cimata akhirna nu katinggali teu bengras.

Ngadenge sora suling nu ngagelik, ngaruntuhkeun hate ngijinan pikeun balik, ngajugjug lembur sanajan mung sababaraha detik, bari jeung eta oge dilakonan bulak-balik, katambah loba nu narik, tur ngarepehkeun budak nu ceurik.

Hiji kawih nu dihariringkeun Bah Dadeng, ceuk barudak ayeuna mah aya nu nyebut gandeng, padahal mun diregepkeun moal matak hareeng, maklum lobana resep lagu nu gembrang-gembreng, atawa lagu nu bisa sirah gulang-geleng, jiga jalma nu sedeng.

Kadieunakeun eta Kawih Cireumis direka ku Rika Rafika, sorana halimpuh tur nu ngawihna boga rupa, pastina loba dipikaresep para pamuda, mugi-mugi kaangkat oge eta budaya sunda, ngajadikeun barudak ayeuna loba nu ngarasa bangga.

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *