Asa Linglung

Asa LinglungSababaraha poe katukang sim kuring diajak ulin ngurilingan kota Bandung, Tapi bet pikaseurian kusabab eta babaturan nulain asli urang dieu leuwih apal seluk-beluk, bulak-belok jeung lebah manana tempat nu dituju. Asa linglung hik…

Asa Linglung!

Memang ku wanci kiwari mah lamun teu bisa nuturkeun jaman mah bener-bener katinggaleun pisan. Boh tina informasi atawa nu sejena akibat pesatna kamajuan teknologi. Hal eta bisa ditinggali dina parobahan-parobahan nu aya di sabudeureun tempat mondok moek nu taya lain nyaeta imah (ngaku-ngaku boga imah padahal henteu haha..).

Nu sabenerna mah apal mah apal ketah kana tempat tujuan harita teh, mung can pernah nincakeun suku ditempat eta ku ayeunakeun (baheula mah nya kasebut sering oge tapi tacan robah sagala rupana) akibat ieu indung suku hese pisan dilengkahkeunnana keur sakadar ulin ngaler ngidul, bener-bener asa siga paribasa “beurat ku bujur” harese rek incah kamana-mana.

Teu pira tujuan ka eta tempat teh mung sakadar rek lalajo, dahar jeung ngopi asalna, tapi sanggeus rengse eta kabeh niat aya tambahanana; “hayu urang jojorowokan” celetuk salah sahiji babaturan teh, nyebutkeun ngahaleuang mah kurang pantes sigana da teu ahli kekek.. Ujung-ujungna ulin nu diniatan sakeudeung teh jadi lumayan lilana oge, mimiti jam dua beurang tungtungna nepi ka peuting ngan saukur lalajo, dahar, nongkrong jeung nangkring di eta tempat. Kunaon bet asa linglung? Sanajan teu wakca balaka (ngan saukur dina jero hate) sabenerna kuring pernah ngarasakeun aya saeuting rasa kalinglung, asa tempat deungeun-deungen kusabab geus lila tara ulin atawa nangkrang-nongkrong kitu heuheu…

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *